Blog Nya Alwi Mubarok Tempat Berbagi Hiburan Dan Tips-tips Masa Kini.

  • RSS
  • Skype
  • Facebook
  • Yahoo

Twitter
div style='position: fixed; bottom: 2px; left: 5px;'>

Si batak Jeung Si Sunda

Author Unknown - -
Home » Si batak Jeung Si Sunda


 piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Huzna ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Tempuran maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.
Sajajalan Huzna anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.
“Punya api, pa?” cenah.
Sakedapan Huzna nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut  konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.
Kusiwel leungeun Huzna ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Huzna bari imut
Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.
“Saya Huzna,” ceuk Huzna ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Husmana, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Huzna.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Huzna bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Huzna rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Huzna nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

“ Ti Tarutung.”
“Tarutung itu di mana?”
“Deukeut Sibolga, di Sumatera Utara.”
“Orang Batak?”
“Muhun.”
“Ah, masa sih?”
“Ih, ari taeun téh.”
“Marganya apa, pa?”
“Siregar.”
“Kok bisa bahasa Sunda?”
“Ari Bapa mah nyekel prinsip di mana bumi dipijak di sana langit dijunjung. Ku lantaran hirup di tanah Sunda, atuh kana adat jeung budaya Sunda ogé kudu wé milu ngamumulé, sok sanajan lain urang dieu pituin gé.”
“Iya juga ya.”
“Ari meneer Oding aya minat hayang bisa basa Sunda?” Huzna mancing-mancing bari satengah heureuy.
“Males ah, habisnya susah banget, suka diketawain kalo salah.”
“Mun salah kumaha?”
“Iya, mestinya bilang neda saya bilangnya tuang. Mestinya rorompok, saya bilangnya bumi. Yang gitu gitu déh,” ceuk meneer Oding semu nu getun.
“Eueueuh, masalah undak usuk meureun nya?”
“Tau lah, iya kali.”
“Jamak atuh kitu-kitu waé mah. Wayahna kudu daék diajar jeung daék era. Ah, Bapa gé jadi hayang ngadongéngkeun lalakon baheula, basa keur mimiti pisan diajar basa Sunda,” ceuk Huzna ngupahan bari ngagedéan haté.
“Gimana gitu pa?”
“Harita téh boga kikindeuwan….”
Meneer Oding némpas heula, “Kikindeuwan itu apa?”
“Kabogoh, pacar. Tah ku lantaran boga kabogoh ka urang Sunda, Bapa gé beuki keyeng hayang bisa basa Sunda téh, ambéh babari komunikasi. Ngan hanjakal, ku babaturan anu asli urang Sunda, sakapeung sok dijieun jadi kaulinan, sok diheureuykeun. Mun ngabéjaan kecap-kecap basa Sunda, maranéhna kadangkala sok ngahaja mapatahan salah.”
Karéta karasa asa rada nyanggéyéng. Singhoréng aya tikungan. Geus liwat tikungan mah diuk gé jadi ajeg deui. Lar aya panumpang séjén ngaliwat bari ngarérét, muru lawang panto w.c. Tayohna rada anéheun ningali nu ngobrol. Nu hiji ku basa Indonésia, nu hiji ku basa Sunda. Kawasna, tada teuing bakal leuwih anéheunana saupama nyahoeun nu mana nu urang Sunda jeung nu mana nu lain.
“Sakali mangsa, ku pimitohaeun téh ditawaran dahar,” Huzna neruskeun obrolanana. “Jang Huzna, hayu urang tuang heula, ceuk pimitohaeun téh. ‘Sangeuk pa,’ ditémbalan ku bapa bari ngarengkuh-rengkuh manéh. Némbalan kitu téh bané baé kungsi dipapatahan ku babaturan, kumaha kudu ngajawab saupama diajakan dahar. Naha atuh, pimitohaeun téh bet kalah ngadak-ngadak jadi robah pasemon, terus ngajanggilek ninggalkeun. Ti harita, pimitohaeun téh jadi ganti adat. Mun Bapa datang rék apél hég anjeunna anu keur nyampak, pasti wé ngadon ngajéngkat ka jero. Ngan karasa, dina ngabéjaanana ka kabogoh Bapa gé sok bari rada ditarikkeun, ngahaja ambéh kadéngé ku Bapa, kawasna. ‘Tuh aya si Sangeuk!’ cenah. Atuh lila-lila mah Bapa gé jadi ngarti yén kituna téh ku lantaran tiheula Bapa kungsi salah némbalan ku kecap ‘sangeuk’ téa. Tapi bongan saha atuh, da nu mapatahanana nu teu bener mah.”
Meneer Oding nyéréngéh. “Jadinya gimana atuh, pa?” pokna bari seuri.
“Ah, cohagna mah jadi teu disatujuan wé ku pimitohaeun téh. Cenah boga piminantueun téh teu eucreug. Teu nyaho di undak-usuk, euweuh kasopanan, teu boga temah wadi, kawas jelema teu walagri. Mending ogé néangan papada urang Sunda deui wé, nyai, loba ieuh nu hayangeun. Ahirna mah nya jadi pegat wé, teu tulus ka dinya.”
“Sayang juga ya.”
“Ngan, aya hikmahna ari keur  Bapa mah, jadi teu aya nu ngalandi si Sangeuk deui,” walon Huzna bari seuri konéng. “Nya ti harita beuki getol ngulik basa Sunda téh, supaya teu jadi bahan geuhgeuyan deui ti babaturan.”
“Kalo saya sih mendingan engga usah paké bahasa Sunda aja,” ceuk meneer Oding bari semu nu ngabirigidig.
“Ari tuang rama jeung tuang Ibu kumaha mun ngadangu meneer nyarios ku basa  Indonésia téh?”
“Cuék aja.”
Sakedapan obrolan eureun heula, kaganggu ku riyegna karéta nu rada tarik. Geus rada anteng, Huzna muka deui carita. “Ari di Bandung di mana linggih téh?”
“Linggih, Rumah?”
“Muhun, bumi, di mana?”
“di Ciwastra.”
“Asli urang Bandung?”
“Engga sih. Kalo aslinya dari Garut.”
“Ti Garut? Garutna di mana? Kadé, awas, éta roko kana raksukan.”
“Di Bayongbong, di Golér,” meneer Oding ngawalon bari kékérépésan ngépés-ngépéskeun calacah hurung nu murag kana kaosna.
Huzna asa kacéntang gelap ngadéngé kecap Golér téh. Sajorélat aya flash back ngaliwat kana uteukna. Bet ras inget ka jaman katukang-tukang.
“Di Golér? Ké,ké,ké, kenal sareng pa Haji Irad?” ceuk Huzna antusias.
“Haji Irad mah kakék saya. Bapa kenal, ya,” meneer Oding ogé sarua bungaheun, asa boga kolot jadi selebritis.
“Aki ti ibu, atanapi ti rama?”
“Dari Mamah. Kalo Papah mah asli dari Cilawu.”
Atuh ari kitu mah moal saha deui. Meneer Oding téh moal henteu, tangtu anak néng Kartini. Da ngan hiji-hijina anak awéwé Haji Irad mah, ceuk pikir Huzna.
“Saha tuang ibu téh kitu?” pokna asa-asa.
“Mamah? Kartini.”
Tuh nya, tétéla teu salah, gerentes haté Huzna.
Emh, pipikiran Huzna jadi cuscos, da dikumaha-kumaha ogé duriat mah gedé pisan ka néng Kartini harita téh.
Dasar lain jodona ka dinya, kawasna. Da mun seug henteu gara-gara salah némbalan ku kecap “sangeuk” mah meureun ieu budak téh tangtuna gé anak aing.
Ah, anu teungteuingeun mah Haji Irad wé. Ari ka anu bener-bener hayang diajar basa Sunda mani euweuh pisan toléransina, salah kitu baé gé maké kudu jadi kuraweud, matak bolay teu jadi kawin. Ari ayeuna, incuna sorangan, bet teu hayang-hayangeun acan nyarita ku basa Sunda. Mani abong. Aéh kétang, naha bet maké dipikiran-pikiran teuing, kawas nu rék pipilueun kana urusan batur baé. Kapan ceuk paribasa urang Batak ogé, “unang tortori na su gondangmu”.